Dina wanci keur haneut moyan
Pateupungna ka asih urang dua an
Dibeungkeut dicangreud nu pinuh rasa ka heman
Amprok dinten ieu di leuwi si patahunan
Nu nyaksian teupungna dua wahangan
Patimuan sajarah karangkamulyan
Nu kudu di jaga diriksa ku balarea
Sangkan ajeg pageuh henteu ka lindih ku jaman
Leuwi si patahunan
Nyaksian urang dua an geugeut
layeut sosonoan
Sosonoan
Leuwi si patahunan
Nu mapag duriat dating
Cinta urang geus nungguan
Geus nungguan
Mugia paneda widi ti gusti
Cinta urang nu sajatii
Pasini ngajatukrami