Ngagenclang caina herang
Matak waas nu ninggali
Mawa genah mawa betah
Ku endah endahna situ
Situ Panjalu
Ayeuna Situ Panjalu
Tinggal urang nu bisa ngamumulena
Dipiara digeugeunah
Nepi ka wujud ngajadi
Unggulan pariwisata
Reff:
Kawentar Situ Panjalu
Kabanggaan lembur urang
Endahna Situ Panjalu
Warisan keur anak incu
Ka sakum anu daratang
Ka Situ Panjalu
Urang rawat urang jaga
Endahna Situ Panjalu