Duh harita anjeun
Jeung kuring patepang
Mimitina nu ngawangun datangna rasa
Dua hate nyaliara miboga cinta
Ngan hanjakal kembang
Nu ligar nyengitan
Gening alum nyarengan keclakna ci soca
Geuning asih teh ngan saukur pupulasan
Salira megatkeun cinta salira gening sulaya
Dirasa mah abdi satuhu satia kasalira ka salira
Mun kitu anjeun micinta mun kitu anjeun mirasa
Moal bade anjeun jeung kuring papisah duh papisah