Anu buleud seuneu hurungna caang
Tuh ti luhur nu ngagantung
Karasana caang saalam dunya
Koneng panas caangna
Mimiti datangna ti belah wetan
Ngaganti gawena bulan
Nu ngarobah na peuting jadi beurang
Nu geus nyieuhkeun Ibun
Reff
Najan kahalangan mega
Pikeun nahan cahaya panasna
Teu ngirangan mamfaatna keur mahlukna
Aduh aduh aduh gusti
Puji sinareng sukur ti abdi
Anu tos nyiptakeun panon poe