Indung peuting nu nyimbutan
Naha.. teu lawas mepende
Kabengbat wanci balebat
Nu sering pisan hianat
Mega mendung anu alum
Ngan ukur nyanding ka bingung
Taya geusan pakumaha
ukur cinta nu satia
Reff:
Tanpa tujuan nu pasti
Naha diri di nyenyeri
Aya naon na kunaon
Teu leureuh ieu ci panon
Mun eunya kantos codeka
milampah nu teu meureunah
Na teu langkung sae balaka
ku rasa nu sajatina
Naon Sagala rupi ka hoyong
hanteu weuleh di cumponan ..
naha..
Bahasa beut nurih rasa kacida
kirang kumaha .. keudah kumaha..
Gusti .. sadayana ieu perkara tunjukeun nu sajatina