Langgeor… Gandeuang ..Angkatna
Lir macan teunangan
Raksukan kasundaan
Ka pribadian
Imutna… Keletna rindatna
Matak narik ati
Dangdos rapih tur nyari
Matak kataji
Abdi tong di saha-saha
Mun angkat nyalira
Pan abdi teh Mojang desa
Sedeng rumaja
Mojang nu lenjang
Matak kabandang
Mojang desa Mojang manis
Mojang ciamis
Omat teu kenging usilan
Sok komo noelan
Da sanes istri murahan
Teu pisan-pisan
Pami kabandang
Hoyong kenalan
Teu sae ngobrol dijalan
Hapunten pantrang