Rempug jukung kreasi tipadusunan
Tepung dulur baraya anu ti kota
Nendeun carita tur basa ka urg kota
Estu nyata leres pisan
Lain ngan saukur beja..
Katuangan asli ciamis
Ieuh.. ieuh.. mangga raosan
Amis rasana lir digulaan
Dituangna dituangna
Ehh.. matak pelem
Sari pribadi ti urg sunda
Enteng bahanna didamel tina kalapa
Naon ah naon manawi tacan uninga
Ieu ah.. galendo tea
Najan tos langka nikmatna kabina bina
Asa hanjakal upami hente nyobian
Dodol gedor nu hipu taya tulangan
Ulah aral mun isukan teu kabagean
Galendo tea oleh oleh ti ciamis
Asal cipati di olah jadi mamanis
Rasa teu beda kareueut lir kueh lapis
Katuangan ti ciamis nu manis manjing dinamis
Dialog:
Tah ieu anu namina galendo teh
Nu janten ciri khas oleh oleh ti palih ciamis
Tah kieu proses ngadamelna anu di damel tina kalapa
Sederhana tapi nikmat taya duana